Post on 27-Jan-2021
KATEGORI MAHASISWA / UMUM
“ ”
PASANGGIRI MACA SAJAK SUNDA
GARUT TERBUKA
Tingkat Mahasiswa
1. Dayeuh Nu Kungsi Runtag – Godi Suwarna 2. Catetan Flamboyan – Hadi AKS 3. Lewang – Inda Nugraha Hidayat 4. Béja keur dr. Rossa – Darpan 5. Mad Halil – Yus Rusyana 6. Cikolé – Nita Widiati Éfsa
TEATER SADDO
INSTITUT PENDIDIKAN INDONESIA
Godi Suwarna DAYEUH NU KUNGSI RUNTAG kabébasan nu kumaha deui nu ku anjeun dipigandrung sanggeus bénténg nu ngelewung kari sésémplékanana geus jadi gambar arahéng nu ngemplongkeun panto kalbu dayeuh ngeblak pikeun ringkang, pikeun rupaning kahayang kapan manuk dina dahan tangkal lindén terus ngelak saban isuk teu hariwang ku aweuhan sora bedil ti benua nu keur génjlong humariring sabada cakar sajarah ngacak-ngacak banjarkarang gedong-gedong tingjungkiring nu marengan ringkang anjeun diwewegan ku pilar-pilar tohaga nanggeuy sakur kayakinan garis-garis nu tareges na dingdingna kawas gurat hirup anjeun panto katut jandélana maruka ka jomantara, legana ambaheun haté sanggeus jerit, kerak getih jeung cimata dikubur dina pondasi nyuburkeun amparan taman jeung kayon di leuweung dayeuh ngagelarkeun musim panas keur sapasang jangjang anjeun jalan but-bat, tegalan nu upluk-aplak marakbak ka awang-awang huma gandum pulas layung humaleuang ngaweuhan ka sukulangit nganti anjeun negarkeun sakur harepan di nagri nu kungsi bencar kalan-kalan sok kasawang sagumplukan halimun mindingan ketak jeung girimis nu nyiriwik, nu tirisna ngabakutet réngkak anjeun léléwana ngan sakadar saliwatan méméh beurang narawangan ngajak gancang-gancang miang muru genclang pamidangan (bérlin, 2011)
MAHASISWA / UMUM
Teater Saddo
Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019
Hadi AKS CATETAN FLAMBOYAN Dina liliuh flamboyan basa girimis ngepris di pasir pineus, manuk-manuk simpé teu nyoara. Anjeun tatanggahan ka langit, néangan ungkara jeung ayat-ayat dina cihujan. Sugan aya jawaban naon pangna urang kasarung tengahing lamping. Tapi pulas langit angger kitu, teu cangra tan cahaya ngan hujan terus muragkeun kalakay, lir supata ngeprul keur turun kana embun-embunan. Bongan asih geus ditebar saurat jalan jeung rasa nu diipuk dina ancak halimun, urang beuki jauh ninggalkeun buruan jeung imah nu simpé. Di dieu moal aya jangjang katumbiri jeung barudak urang nu jigrah ngarucu hujan. Maranéhna geus lila narutupkeun jandéla tuluy muguran lir flamboyan nu ayeuna marurag kana lahunan. Lebah dieu nancebna tutugan rasa, handapeun tangkal nu juuh ku cikaracak, sanggeus urang ngahégak nécé umpakan waktu lukutan. Anjeun tungkul ngungun, nyusut cimata néangan tanda lebah taneuh nu hideung. Sugan aya kekecapan nu netélakeun, naon pangna urang sasab ka lamping ahéng. Tapi bumi angger kitu, taya isarah nu kabaca na heumeus beueus. Ngan urang beuki yakin, di dieu horéng kandegna léngkah, kapegat jungkrang lungkawing.
MAHASISWA / UMUM
Teater Saddo
Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019
Inda Nugraha Hidayat LEWANG
Aweuhan magrib patémbalan jeung sora kelakson,
ukur kapireng ngagerendeng dina pangreungeu
basa anjeun ngaberung ngumbar kabingung
nu satia ngukuntit saban heumbatan léngkah.
di sapanjang trotoar pangwangunan
nu heurin ku pirang-pirang nasib.
di masigit, mangpirang sajadah humandeuar
ngariung merebot nu ngalungsar tukangeun paimbaran
nungguan sakadang léptop réngsé ngagalindengkeun adan.
di pipir masigit, di juru wangunan nu teu pati caang,
kohkol morongkol hareupeun bedug nu keur jamedud,
lalajo tukang parkir nu keur ngéntépan motor jeung mobil
lalajo abringan léptop jeung hénpon muru pancuran,
dianteur ku teuteup nu bogana nu keur balakécrakan handapeun caringin kurung.
di alun-alun peuntaseun masigit,
handapeun tihang bandéra nu kabulusan,
barudak arandekak diamparan sarung jeung sajadah
naranjangan kahayang, molototan nu sataranjang jeung ranjang.
sawaréh pating belewer malédogkeun imut jeung SMS
ka unggal mukena nu cilingcingcat ngawurkeun rindat.
Palangsiang, palebah dieu tungtung waktu nyirurukna
MAHASISWA / UMUM
Teater Saddo
Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019
https://www.facebook.com/notes/inda-nugraha-hidayat/lewang/408859941747/
Darpan
BEJA KEUR dr. ROSSA
sapertos waos nu ku salira sok diparios
lembur urang nuju koropok ku ulam
kedah ditambal atawa dicabut sakantenan
supados ulah teras nyanyautan
hanjakal salira tos tebih
teu kantos nyaksian kota rujit ku ririweuh
émut kana piwuruk tina lambey nu beueus
supados ieu karang waos dipapras
abdi teu kabujeng beberesih karang waos
da karangna nyebar ka mamana
ka kantor partai dugi ka kas dinas
kaambung hangru tur matak hanyir
pulitisi teu sapertos dokter gigi
marios ku ramo lemes bari taliti
aranjeunna téga ngabungkem taya rasrasan
teu miduli musuhna tos teu waosan
aya gigi bungsu nu malang dina gugusi
akarna di lembur huluna nyangked di Singapur
saénggalna kedah dioperasi
MAHASISWA / UMUM
Teater Saddo
Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019
Yus Rusyana MAD HALIL Saha nu wani ngalalakian Mad Halil Bedul jadug nu geus garung Ku bedog geus atah adol Saha nu kakunang-kunang cara Mad Halil Nu geus mopok tuan kontrak Dicangkalak kalah galak Mad Halil si jadil Si jago si jadol Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir bulé! Mad Halil bakéro Ku Jepang diuber-uber teu beunang Wah pék baé bénjol Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir katé! Jaman révolusi Mad Halil asup pasukan Der barudak, déwék gé siap jero barisan Mad Halil si jadil Si jago si jadol Ali jendil nyekel bedil Sabiluloh dak! Mad Halil si jadil Si jago si jadol Gempur dak, gempur! Tah caduk aing hakaneun sia anjing nika! Patroli mana nu teu sowak ngadéngé ngaran Mad Halil Mad Halil godperdom! Ku pélor gé henteu kojor! Hayoh dak Engké ku déwék dipangmetingkeun widadari nu jekékan Da déwék mah geus ompong geus teu teurak nyetrok térong Mad Halil jenatna Mad Halil Beunang ku patroli di Cibarégbég Awakna dipancir ku tangkal sélong Ditémbak lebah elak-elakanana Jedar! Euak, cuah! Haramjadah! Pameungpeuk, 2 Agustus 1963
MAHASISWA / UMUM
Teater Saddo
Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019
Nita Widiati Éfsa CIKOLÉ Ukur sakecap nu nétélakeun waruga anjeun Leuweung pineus ngarurub diri ngarurub rasa Dina ciprukna ciibun. Kareueus neuleu gurawésna jungkrang Asa jadi panglipur dina ngojayan jerona kahirupan Nu teuing di mana dasarna. Rembetna saliara Akar-akar harepan nu mubus rumakep nerus bumi Jadi pucuk asih nu jujul ngarawél langit nu mabra Ukur sakecap nu disanggi jero ati Barisan tutuwuhan rempeg jadi bébénténg ngamalirna pikir Linduhna daun-daun jadi teuteupan katengtrem Asa hayang lumampah bari nebas rungkun kahariwang Kahareneg nu diungkarakeun panas matapoé Yén dirina teu laluasa ngamalirkeun haneutna asih Ka lemah-lemah. Ka pasir-pasir nu nyangkéré Ukur sakecap dipatri sela jariji poé Éndah—dua ramo pacorok silih konci Pasir jeung lengkob. Mata jeung teuteupna Jutaan wirahma jadi lagu tineung para kalakay 2011
MAHASISWA / UMUM
Teater Saddo
Pasanggiri Maca Sajak Sunda 2019
TEATER SADDO
INSTITUT PENDIDIKAN INDONESIA